itikurih
andrie kustria wardana
Share
Harga

Rp. 46.000
ADD TO CART
Gramedia
ISBN : 978-602-6416-14-8
e-ISBN : 978-602-5804-20-5
Isi Buku 104 Halaman (0 Colour + 104 B/W)

Buku kempelan fiksimini sunda ieu jumlahna aya 101, saleresna mah langkung mung supados gampil émutna janten cekap waé di wates 101 seratan. Fiksimini sunda téh hiji génré karangan sunda nu ngadongéngkeun wangunan carita nu diwates ku 150 kecap, kinten-kinten 2-3 paragrap. Janten 101 seratan ieu teh gaduh dongéng séwang-séwangan. Judul nu kahiji nyaéta 'itikurih', ngarupikeun fikmin simkuring nu ngadadarkeun perkawis réngkak paripolah tukang lahang dina mayunan kahirupan kalayan salawasna nampi tur syukuran kana takdir nu tos di tangtoskeun ku Pangéran nu Murbeng Alam. Salajengna aya oge fikmin sunda nu dongéngna pikaseurieun atanapi minimal imut ngagelenyu saur simkuring mah. Mugi-mugi nu maca tiasa ngagakgak saparantos macana meungpeung bab gumujeng teh teu acan diatur ku aturan ti pamaréntah. Diantawisna nu judulna 'Karék inget, CSR, ogé Takbiran'. Aya ogé fikmin nu romantis mélankolis, ngabahas sejarah lembur, frustasi dugika nu misteri sareng rada horor saur simkuring mah diantawisna nu judulna 'Pasapon'. Tiasa disebat ieu kempelan fikmin sunda téh campuraduk gado-gado, sanaos teu sagala aya, tapi seueur rupa-rupana.
  • Belum ada review untuk buku ini.
  • Rekomendasi